Selasa, 04 November 2008

BEJA NU PANGANYARNA

ieu mah ngawartosan :
1. punten we ieu teh isina mah isin meureun maenya blog kieu patut, kedah ngama'lum we da kedah kumaha atuh, ngaksesna nang sapotong-sapotong da sareng gambarna mah geuning kalah jahat pulsa.
2. ka kang zeni gosip terbaru tapi teu kenging gandeng Kang Iwan Fahmi cenah rek nyandung. tong waka ibreuhnya. cenah mah nyandung na teh ka Tamara bleziynskski emhhhh resep meureunnya.
3.urang subang teh isukan dina pamilu april 2009 teh aya geuning nu baroga kahayang, hayang jadi anggota dewan cenah. ari nu rek ngiringan parebut sorana mah aya tiluan, bilih hoyong terang nu kahiji mah M. Suhyar eta tea putra almarhum bapa kuwu jalal didukung na eta mah ku golkar, nu kadua Ondo eta urang curug dukungana ti PKB mang Ondo mah. nu terakhir na mah Kodir eta mah dukungan PKS. duka tah saha nu bakal kenging, da ningali nomor urutna mah pan asa jarauh pisan. piduana we tisadayana sugan aya nu jadi , sugaaaaan eta oge.

1 komentar:

Anonim mengatakan...

Ayi Ma'mur, punten nganggo koneksi naon dugi tiasa rada lelet sareng jahat pulsa...teh. Milari nu unlimited kuota atuh, tiasa ti Indosat, Telkomsel, mung pami bandwidthna nu sae mah speedy Telkom, mung duka di Subang tos tiasa henteu. Margi line Telkomna pami telepat mah tos lami pareum.

Salam